Urang Banjarsari Jadi Inohong di Bojongrangkong

uRANG BANJARSARI JADI GGSTangtu urang can nyaho yen aya urang Banjarsari Kab. Ciamis anu jadi inohong di Bojongrangkong, Bandung.

Maca buku Urang Banjarsari Jadi Inohong di Bojongrangkong,behna mah asa keur mukaan albeum heubeul, anu potretna geus karoneng. Sabrehna ge ujug-ujug kasawang bae kumaha dedegan, pamolah, angen-angen, pamadegan, lingkungan pakumbuhan, katut kasang tukang kahirupan “nu boga lalakon”-na, >>>Kang Ading.

Horeng ti Banjarsari ka Bojongrangkong teh ngembat jalan panjang pisan. Urang sarerea ku Kang Ading dibawa nyaba, mapay-mapay eta jalan. Sakapeung badarat, sakapeung deui tutumpakan, tapi mimindengna mah ngapung nutur-nutur galur pangalaman Kang Ading, anu ceuk saliwat mah matak…euleuh jeung walah! >>> Taufik Faturohman

Penulis: RAF

Call Number: 922/RAF/u

Penerbit: Geger Sunten

Tahun Terbit: 2007

Leave a comment